SAJAK SUNDA


peuting nincak ka peuting, dina beurang maturan sorot sarangéngé
sabot palu reujeung paku anteng arulin dina jariji pulas hideung getih muwung
“sabulan deui” galindeng anjeun dina teuteup panon ceuleuyeu
Sabada ngadeg hiji baligo_ mikeun iberan paméntasan
peuting nincak ka peuting, bulan ngarondoy ka béh kulon
anjeun anteng digogog bari diobrot, sangkan gerak reujeung réngkak
na mangsana lain cangkang sandiwara
peuting nincak ka peuting poé geus katampa dina dada
sarébu émprak jeung calucurak minuhan lolongkrang sukma
ceuk anjeun” lalakon ringrang geuning na mangsana teu sia-sia”
ti dinya imut anjeun silih bikeun na rangkulan juuh cipanon
babarengan na buleudan himneu kaagungan_ néang pangéran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar